Thursday, February 17, 2022

Catetan Keur Kurt Cobain

                                    Catetan Keur Kurt Cobain 

                                                                (Sajak Toni Lesmana) 


Mindeng pisan urang teu hayang lilir 

Tina Impian. Da jamparing langgeng rungseb

Tapi candu ukur salenyapan 

Siga cinta nu ngan sajorèlat gelap

 

Mindeng pisan urang teu hayang lilir 

Namatkeun lagu. Sanajan sewu wirahma 

Ngulangkeun kolèbat pedang

Daun - daun maluguran 

Waktu ka mana teuing lèosna


mun anjeun kiwari lilir lebah impian sajati

panggalindengkeun tirisna langit 

hariringkeun Rusiah Cinta 

Nu pangweningna 

No comments:

Post a Comment

Sajak Cikaracak

  Sajak Cikaracak Godi Suwarna   Sakeclak, sakeclak Cikaracak lalaunan ninggang tarang Laun-laun kalangkang peuray ngalakay Suma...