Sajak Lawang peuting
( Godi Suwarna)
Trijata, cuang lawungkeun paneuteup
Ka lawangsaketeng peuting nu katembong nyangkeredong
Sanggeus mipit gurat - gurit lambaran layung panungtung
Rek labas maratkeun ketak, tuluy nyusud kingkilaban
Nu kasawang tingbarasat lir suar panuduh lampah
Trijata, cuang miang ngitung gunung
Da geuning lempagan waktu terus ngabeledig ringkang
Ti dayeuh nyedek ka kampung, milang reuma meunang lewang
Kari mereketkeun geugeut, nyingraykeun sewu rurungsing
Humariring mapag peteng sapanajang liliwung peuting
Trijata, cuang narabas halimun
Nu ngadingding mindingan lungkawing jungkrang
Metik genclang cika - cika satengahing hiuk wanci niruk mangklèng
Sugan bulan rek kasampeur ngempur di mumunggang jempling
Ngagulubur ngahibaran jalan panjang ka sagara
( Pameungpeuk, 07)
No comments:
Post a Comment