Di sapanjang Jalan Sajak
(Godi Suwarna)
Cijapati kapiati, ngancik 'na acining wanci
sanggeus nilar kelun kota nu dihuru matapoè
Cunduk ka liliuh langit, ka lèngkob lemah ngèmplohna
Saampar gambar kakelar digelar satatungtung teuteup
Di sapanjang jalan angin ngahiliwir nepis wiring
Lapat-lapat, Marakbak lembur di lebak
Bet kasawang keur anteng namperkeun jempling
Sabada gumuruh dayeuh dibendung tambakan gunung
Ukur Suling nu kapireng mirig kalbu humariring
Di sapanjang jalan mèga kumalayang muru layung
Nanging anjeun geuning suwung di lulurung
Teu katèmbong kumolèbat mapag kangen di tanjakan
Ngan gupay pucuk halimun ti kampung tungtung pudunan
Nu kapireng ngajak reureuh satengahing lalampahan
Di sapanjang jalan sarè muru sisimpèning peuting
Meureun anjeun geus ngampih ka lembur bungur
Terus ngempur kahieuman handeuleum leuweung katineung
Barang ringkang kalah nyorang gelebug aweuhan mangsa
Ukur bisa sumorèang ka lamping nu geus kalarung
Di sapanjang jalan layung muru gebur bulan kayas
(Cijapati, 07)
No comments:
Post a Comment