Sajak Satengahing Ringkang
(Godi Suwarna)
Hariring angin rumangsang
Kalandeuhkeun, nebak rènghap saamparan pucuk entèh
Ngahiliwir ka talaga nu kasawang kapulas lèlènglang langit
Lebah dinya kulit cai tingborèlak ngariak - riakeun wanci
Bet kaambung dumalingding seungit jempling
Sungkeman lemah kahèman
Nyambuang ti lamping wening nu katèmbong semu ngènclong
Aya kalbu langkung langgong tibatan kelewung gunung
Langkung hurung manan talaga nu keur gumiwang
Lalaunan ngajaulkeun lamunan ka alakpaul
But- bat jalan panineungan
Ngagurat hèhejo kebon nu nungtung di suku gunung
Kelun haseup ti rarambu leuweung pineus lain tangara balai
Ngan ukur gebur kakangen ngagupay Mèga kasumba
Nu ngalayang ka jabaning langit bungur kapireng kawih kamelang
Moalboa riring mojang pasisian nu keur migandrung sarakan
Ngayunambing lamping rungsing di lèntab lètah srangèngè
Talaga beuki gumenclang dina pepeteng jajantung
Mèmèh lunta muru lembur pangsingkurna
(Cileunca, 07)
No comments:
Post a Comment