Sajak Cikaracak
Godi Suwarna
Sakeclak, sakeclak
Cikaracak lalaunan ninggang tarang
Laun-laun kalangkang peuray ngalakay
Sumarangsang tina areuy
Kana ranggeuman halimun
Saketrok, saketrok
Cikaracak ngetrokan embun-embunan
Balung tunggal gumuruh nungtutan runtuh
Tina kujur nu nguluwut
Kuyumut dirungrum lukut
Sapicis, sapicis
Cikaracak gumiriming nyiksik daging
Tuluy borok merejih satangtung tulang
Humarurung, kumareumbing
Tengahing layung panungtung
Keclak deui, keclak deui
Cikaracak ninggang saban titincakan
Keclak deui, keclak deui
Laun-laun jadi jugang nganti bugang
1983
No comments:
Post a Comment