Friday, February 25, 2022

Ringkang Kangenan

                                             Ringkang Kangenan 

                                                                                    (Godi Suwarna)


Ringkang anjeun kumalayang, Trijata!

di dieu, di lamping para dèwata nu ngumpak ka jamantara

kapan anjeun kumolèbat sakedapan lebah arakan sasajèn 

nyuhun janur pangempurna, luminjing dipirigendin

ngereles lebah simpangan antara pura jeung jungkrang

kebat ketak nurut - nurut tapak anjeun nu marakbak 

ti lawang sakètèng beurang horèng manjang ka basisir 


terus ngambung ringkang anjeun, Trijata !

sapanjang undakan pura, tina kelun kana kelun haseup dupa 

Sèsèlèkè  ' na sesela patung dèwa nu maridang di sampingringsing

lebah dieu, ukur kembang nu kasampak marangkak dina sasajèn 

Seungitna sahiliwiran  mèmèh tangkay dihuru waktu 

"Trijata, asih urang mugia langgeng dumalingdin

mangka lana nyambuang di balè agung!"


mudun ka lèlengkob liwung, Trijata !

kumareumbing kana umbul - umbul kuning

nèng anjeun sugan nganti lebah lawanguha karang

meureun keur anteng menekung namperkeun dalingding angin 

sabada basisir putih gumarabyag kalèntab hègak srangèngè

lebah dieu, kalah tepung jeung lambak nu keru jumegur 

nu gumuruh mapatkeun mangpirang mantra


Horèng anjeun hanjat ka jojontor karang, Trijata !

nincak umpakan cahaya, nanjak ka hiji pura gumiwan

ieu lèngkah tuluy kandeg, Lètah garing balas ngagentraan anjeun 

nu kasawang henang - hening di mumunggang pamujaan 

riab rambut jadi layung ngahibaran runggunuk kayon karamat 

"trijata, najan anjeun rèk nyepèn ratusan windu

ieu ringkang moal anggang ti basisir !"

                                                                                                        (Tanah Lot)

No comments:

Post a Comment

Sajak Cikaracak

  Sajak Cikaracak Godi Suwarna   Sakeclak, sakeclak Cikaracak lalaunan ninggang tarang Laun-laun kalangkang peuray ngalakay Suma...