Gandrung Panunjung
(Godi Suwarna)
Asih kuring ka salira, Jungjunan !
Langkung ngempur batan gulubur purnama
Nalika wengi harita ngahibaran basisir di palih wèran
Waktos urang sasarengan ngagalindengkeun ungkara ombak
sagara teras marakbak ngagenclang - genclangkeun bagang
sèwu parahu pamayang gumiwang di laut wening
nu mariang dijurung gending kaludeung
Anging asihing salira, jungjunan !
Karaos teu wèleh rintih sapertos harèwos angin
Humariring ngagupaykeun mangpirang pucuk katapang
Pan salira nu tos ngagelar basisir janten tetelar pamedar tresna
Waktos geugeut tambih meueut, katawis laut kareueut
murubmubyar guliwengan leuweung ganggeng
Pangreureuhan warna - warni lauk lampar
kahèman salira pisan, jungjunan !
nu parantos ngahiruphuripkeun sagara
Ringkang pamayang teu wèlèh manjang ti usum ka usum
da salira nu ngarèka satangkarak laut kidul janten karajaan lauk
nu ngantengkeun pareng ti taman karang ka sèdong sigrong
ti lambak ka bubulakna, ti basisir ka lemburna
pangharepan baranang sabanjarkarang
Mugia langgeng asih urang, jungjunan !
saban wanci sasarengan ngaheuyeuk nagri jaladri
ngageburkeun balèbatna, ngahurung - hurungkeun layung
ngawurkeun roncè sulintang satengahing impènan para pamayang
nu jalengkar lapat -lapat ngalah laut tug dugi ka sukulangit
Asih urang bakal mangkak di sagara, di basisir
dumalingding nyambuang ka alakpaul
(Pangandaran)
No comments:
Post a Comment