Sajak ti jalan ka mana
(Godi Suwarna)
Ngèmploh pucuk - pucuk entèh
Mulas lèngkob jeung lamping nu keur gumiwang
Sapanjang Jalan rumangsang muru hibar gebur beurang
Hawar - hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung
sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang
lalaunan angin rintih ngusapan lengkah guligah
luak lèok ngitung tikungan
kalah kèrok balas nyawang pulas hatè jeung langitna
Balitungan antara was - was mun nyorang lelewang jungkrang
Jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung panungtung
Padungdengan sabot mèga Katèmbong beuki meuleukmeuk
Samar - samar nyidem hujan jeung guludug
Beuki jauh nyusud waktu
Bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng
Antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga wening
Atawa rèk terus nyusud jangjang julang kumalayang nilar sayang
Humandeuar ti tetelar ka tetelar nu horèng teu matak kelar
kalah awor jeung geuneuk kelun halimun
Ngalulungsar di totowang
Mèpèndè rurungsing jantung nu gumuruh silantangan
Sanggeus lawas ngoprak mangsa ngasruk tegal alimusa
Beuki surti yèn mumunggang panganggeusan ngancik dina sanubari
Ngan kari ngaragap diri nu mindeng ngaberung mangprung
kari naker ieu ketak samèmèh bèakeun hègak
(Pangalèngan,07)
No comments:
Post a Comment