Ringkang
(Sajak Nazaruddin Azhar)
Lebah dinya
Sabot suwung jalan Nèros
na balieus panon beueus
kabaca sakabèh tanda nu disidem hieum aleum
dina ranggeum panungtungan
Beurat temen nu ngan ukur sarancatan
dibawa ringkang angen - angen
nikreuhan rumpilan kangen
Bongan jeung lamun
na sacangreud salang biheung
saayun jeung lèngkah
leuseuh balas katalimbeng
2000
No comments:
Post a Comment