Sajak Nagara Demokrasi
(Rosyid E Abby)
"Demokrasi geus digantung di awang- awang!"
Seah angin basa nangtang hujan silantang.
Basa sora-sora kabebasan lir mudal dina sungut-sungut ngabudah. Pinuh mamanis
"Demokrasi geus mumbul ka alak paul ! "
Sora gumuruh hujan basa angin lilimbungan ngarubuhkeun tangkal di jalan- jalan trotoar.
Basa kamerdekaan ngawujud kabebasan teu didinding kelir.
Basa demokrasi ngaberung mangprung apung- apungan.
Sora demokrasi lir lagu himne atawa mars ngagalaksak ka kota-kota. ka lembur-lembur singkur
ka basisir ka pagunungan. Ka leuweung ganggong simagonggong ka lamping - lamping pasir bulistir.
Ngawujud na rampak sekar kaom demonstran. Ngawujud na heulang kaom cacah:
"Kamerdekaan, duh, kamerdekaan. Demokrasi, euy, demokrasi......."
Sorana meh les-lesan kabawa angin peradaban global
No comments:
Post a Comment