Sajak Sri Baduga Maharaja
1482-1521
(Sajak Aan Merdeka Permana)
Sampurasun ka sakumna dulur
Nu netep di ieu lingga
Kula teu welèh munjung kanu kanyaah
teu welèh asih kanu miasih
ka Sang Pangasih
ka Sang Pangasuh
Mangkadè
dunya geus singsak
rèas cahyaningna
susah tuturkeuneun
ngan mun geus euweuh tuturkeuneun
Dosa, siah!
Dosa, siah!
geura hadè
geura hadè, putu sakabèh ! ***
No comments:
Post a Comment