Sajak Prabu Surawisèsa
1521-1535
(Sajak Aan Merdeka Permana)
Sampurasun !
Kula Surawisèsa
Ti payunna kubumèn Karaton Pajajaran
Ayeuna Jayaperkosa
Singkur ti unggal pribadi
Jeung ti Jalma nu teu miyakin
ka diri kaula Jayaperkosa
Mangkadè
lèngkah ulah gumayah
geus loba
nu leumpang gancang tikusruk
sabab poho teu silih tungtun
Naha teu ngaraos?
Jayakeun deui indung suku
Anu ngawadah ku kanyaah
cangreudkeun deui jalma sunda
Tina Prilakon kasundaan. ***
No comments:
Post a Comment