Rumpaka Gandrung
(Godi Suwarna)
Peuting ieu anjeun mah di mana teuing
Sanggeus tungtung gebur layung jadi genclang lampu kafè
Peuting nu kapireng jempling sareureuh tabeuh gamelan
di dieu, kapan gelas jeung anggurna baris ngalalantis kangen
Basa lilin pulas kayas tinggarenyas midangkeun sèwu katineung
Patung dèwa ukur mencrong kana botol nu moncorong
di ditu, 'na mèja nu panghieumna, sapasang rumaja pèrang
Keur olèng ngambèng katresnan, ngabebela ka basisir
Birahina gumuruh ngaduruk ombak
peuting ieu anjeun mah ka mana teuing
padahal anginna rintih humariring nebak ti pura gumiwang
Nyanding dupa dumalingding ka rohang kafè nu beuki agrèng
Patung dèwa milu ngungun barang mireng ngaran anjeun
di galindengkeun dina rarancang sajak nu tingkalayang
diapungkeun ku pucuk umbul - umbul nu ngabaris
'na jejempling jalan peuting, jalan sorangeun
Palangsiang ngan jalan sosoranganeun
da geuning anjeun ngahiang
Peuting ieu anjeun mah duka ka mana
basa gelas nu pamungkas geus jadi sajak nu gumarabyag
ngalèntab angin sagara, basa musik mimiti ngahuru jantung
Ngagolakkeun eusi hulu nu didedet ku warnaning panineungan
Patung dèwa nu dikeput haseup dupa jeung halimun
Kapireng bet humarurung, boa pada nyidem liwung
dikemu ratusan windu, sanggeus anjeun kari petit
nu nyiriwik 'na ruruhit ungkara rumpaka lagu
nyeuit tatu tapak waktu nyacah kalbu
peuting ieu anjeun mah boa di mana
barang mangpirang kasono ngan wasa digorowokkeun
ti rohangan ka basisir, kalah awor jeung sèah laut marudah
laun - laun ieu raga karasa ngabela- bela ngarèrab lalangit hangit
rumanggleung ringkang lanjung di rohang nu beuki sahèng
Patung dèwa kumalayang ngagugudag ka pucuk munara pura
Kawas asih nu keur hurung sakedapan tuluy bencar nyilalatu
bakal rabeng panineungan lebah gedur pangabènan
isukan ukur kasampak satumpuk ruruhak sajak