Ringkang Kangenan
(Godi Suwarna)
Ringkang anjeun kumalayang, Trijata!
di dieu, di lamping para dèwata nu ngumpak ka jamantara
kapan anjeun kumolèbat sakedapan lebah arakan sasajèn
nyuhun janur pangempurna, luminjing dipirig gending
ngereles lebah simpangan antara pura jeung jungkrang
kebat ketak nurut - nurut tapak anjeun nu marakbak
ti lawang sakètèng beurang horèng manjang ka basisir
terus ngambung ringkang anjeun, Trijata !
sapanjang undakan pura, tina kelun kana kelun haseup dupa
Sèsèlèkè ' na sesela patung dèwa nu maridang di samping gringsing
lebah dieu, ukur kembang nu kasampak marangkak dina sasajèn
Seungitna sahiliwiran mèmèh tangkay dihuru waktu
"Trijata, asih urang mugia langgeng dumalingding
mangka lana nyambuang di balè agung!"
mudun ka lèlengkob liwung, Trijata !
kumareumbing kana umbul - umbul kuning
nèng anjeun sugan nganti lebah lawang guha karang
meureun keur anteng menekung namperkeun dalingding angin
sabada basisir putih gumarabyag kalèntab hègak srangèngè
lebah dieu, kalah tepung jeung lambak nu keru jumegur
nu gumuruh mapatkeun mangpirang mantra
Horèng anjeun hanjat ka jojontor karang, Trijata !
nincak umpakan cahaya, nanjak ka hiji pura gumiwang
ieu lèngkah tuluy kandeg, Lètah garing balas ngagentraan anjeun
nu kasawang henang - hening di mumunggang pamujaan
riab rambut jadi layung ngahibaran runggunuk kayon karamat
"trijata, najan anjeun rèk nyepèn ratusan windu
ieu ringkang moal anggang ti basisir !"
(Tanah Lot)